Gagal
Dugem
Dina
hiji poe, aya sababaraha sato anu keur kumpul di hiji pos ronda sabari
garapleh, didinya aya gajah, kudanil, sireum, keong racun, kelnci jeung
bunglon. Keur ngeunah ngeunahna maraen, ujug ujug disada sora klakson mobil si
kuya nu pinuh ku barang barang aneh.
“heh maneh
kuya! Nanaonan mawa nu kitu patut” ceuk kelinci sabari seuri.
“Heeh ari
maneh ngaheurinan tempat ulin anu ay age” tembal gajah
Terus eta
kuya ngajawab “Ari maneh ujug ujug ngahina wae, cik atuh kela kalem ke we
tingali tah imah urang jadi markas” sabari ngaleos.
Panon poe
mulai diganti ku bulan, tapi nu gapleh araya keneh teuing duitna geus beak
sabaraha, teuing teu barogaeun duit. Si kuya datang sabari legeg.
“Tadi saha
nu ngahina urang? Hayu otw ka imah urang ayeuna!”
“ke kalem,
naha ari maneh ngajak kaimah?” tembal kudanil.
“nya
heueuh tuluy kamana?” kuya nembalan.
Kabeh
sato didinya nyeungseurikeun kuya nu ngajak ka imahna.
“Naha ari
maneh kuya, ngajak ka imah maneh? Awak urang sagede naon? Tuluy imah maneh
sagede naon?” tembal gajah.
“Lain imah
nusok digagandong ari maneh, tuh nu di tengah leuweung!”
“Gaya nu
boga imah dua, daakumah apa atuh imah oge di jero taneuh “ Ceuk sireum.
“minggeus
tong loba ngomong hayu ka imah urang” tembal si kuya batok.
Sakabeh sato nu aya didinya ngalilu ka imah si kuya, tuluy pas tepi imahna
manehna baringung.
“eulueh
euleuh ieu imah kawas pasar malam” ceuk kelinci.
“ok
bro! hayu urang dugem” tembal kuya
“hmmm gues
hayu bro urang jadi urang kota sak`alimah” ceuk si kudanil
“Dugem the
tempat naonnya? Asa teu puguh rarasaan urangmah” ceuk si bunglon.
“loba
bikang da kalem” ceuk si gajah.
Caritana manehna arasup, sababaraha jam dinya, manehna kalaluar sabari teu
puguh rarasaan.
“Kapok uing mah euy, geuning teu
ngeunah dugem teh. Eta musik ajeb-ajeb matak katorekan ceuli urangmah!”, ceuk
kelinci ngararasakeun ceulina nu dungdeng ku dugem.
“Mending keneh maneh, uing mah
bororaah bisa joged. Hayoh we cungcet-cingcet sieun katincak ku nu keur jogged
ajleng ajlengan!”, ceuk sireum, bari awakna pias.
“Komo uing mah, hayoh we diusir
satpam. Di cenah meakkeun tempat!”, ceuk si gajah jeung Kuda Nil.
“Kuring mah geleuh ku lagu disco
mixna. Cik atuh tong nyindiran uing wae euy...mani aya dugem, laguna keong
racun! Padahal kuring mah apan resepna musik disko kawas DJ Soda!” ceuk Keong
Racun nafsu.
“ahhhhh amenh pira kitu, urang kagok
edan. Eta mah uing kuat ka error yeuh kulit. Eta lampu disko gunti-ganti wae
warna! Nya heueuh atuh kulit urangge ngliu gunta ganti warna, meni buricak
burinong kieu”, ceuk bunglon, nu awakna ayeuna ngadadak jiga katumbiri
No comments:
Post a Comment